Sabtu, 04 Februari 2012

KANYAAH INDUNG BAPA

Jalma mah gues puguh deui
Ka anak tangtu nyaahna
Malahan apan sato ge
Saumpama ditengetan
Hayam nu keur anakan
Lamun anakna diganggu
Napsuna estu pohara
Manggih hakaneun saeutik
Dibikeun ka anak heula
Kajeun manehna mah engke
Sieun anak kalaparan
Eta di sato hewan
Jalma mah leuwih ti kitu
Nyaah asihna ka anak
Mun anak dipareng gering
Kurang sare kurang dahar
Jaba tatamba ka dokter
Henteu ngitung karugian
Asal anak waluya
Ti keur leutik terus-terus
Nepi ka anak sawawa
Nu matak omat anaking
Ka indung bapa sing bisa
Budi basa kudu hade
Ulah mungpang ka papatah
Sangkan salamet awak
Sabab pangdu'ana indung
Diijabah ku Pangeran
Ka bapa nya kitu deui
Sabab mun rengat manahna
Tegesna mun anak gering
Ka bapa wani ngahina
Atawa henteu sopan
Tangtu dibendong Yang Agung
Hirupna moal jamuga



0 komentar:

Posting Komentar

Terima kasih anda telah memberi komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More